Jelaskeun bedana kawih, tembang jeung kakawihan

Pertanyaan

Grade: Education Mata Pelajaran: bahasa-lain
Jelaskeun bedana kawih, tembang jeung kakawihan
Ditanyakan oleh:
47 Dilihat 47 Jawaban

Jawaban (47)

Jawaban Terbaik
(2325)

Bedana kawih, tembang jeung kakawihan nyaeta ari kawih jeung kakawihan mah mangrupa wangun puisi anu henteu kaiket ku aturan, sedengkeun tembang nyaeta wangun puisi anu kaiket ku aturan, nyaeta aturan pupuh. Jadi, sanajan kawih, tembang jeung kakawihan teh mangrupa lalaguan Sunda, tapi oge mangrupa karya sastra dina wangun puisi.  

Sedengkeun bedana kawih jeung kakawihan nyaeta ari kawih mah biasana dihaleuangkeun iraha jeung dimana wae, sedengkeun ari kakawihan mah biasana dihaleuangkeun dina waktu keur ulin atawa keur digawe.  

Pembahasan

Aturan nu aya dina pupuh disebut guru wilangan jeung guru lagu. Guru wilangan nyaeta jumlah engang nu aya dina unggal padalisan pupuh. Sedengkeun guru lagu nyaeta sora engang tungtung nu aya dina unggal padalisan pupuh. Jadi, bisa disebut oge kawih jeung kakawihan teu kaiket ku guru wilangan jeung guru lagu, sedengkeun tembang kaiket ku guru wilangan jeung guru lagu.

Aya 17 rupa pupuh anu dikelompokkeun kana dua kelompok nyaeta Sekar Ageung jeung Sekar Alit. Dina Sekar Ageung aya opat rupa pupuh. Sedengkeun dina Sekar Alit aya 13 rupa pupuh. Pupuh dihaleuangkeun ngagunakeun sawatara rupa tembang, kusabab kitu pupuh sok disebut oge tembang, atawa sabalikna tembang oge kaiket ku aturan pupuh.  

Pupuh Sekar Ageung biasa dihaleungkeun ku ngagunakeun leuwih ti sarupa tembang. Sedengkeun pupuh Sekar Alit biasa dihaleuangkeun ngagunakeun ngan sarupa pupuh. Puisi Sunda anu sok ngagunakeun pupuh nyaeta guguritan jeung wawacan. Guguritan biasa ngagunakeun pupuh Sekar Ageung atawa Sekar Alit. Sedengkeun wawacan ngan ngagunakeun Sekar Ageung.

Pelajari lebih lanjut

  • Contoh kawih https://brainly.co.id/tugas/433806
  • Perbedaan kawih dengan pupuh https://brainly.co.id/tugas/330707
  • Kawih, kakawihan jeung tembang https://brainly.co.id/tugas/6730910

__________

Detil Jawaban

Kelas : VIII

Mapel : Bahasa Sunda - Kawih

Bab : 1

Kode : 8.13.1

Kata Kunci : Kawih, tembang, puisi Sunda, pupuh, wawacan